RESUME MATERI DONGENG

Dongeng 

Dongen nyaeta carita rekaan anu di karang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaeta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejena.

Ciri - ciri dongeng

1. sumebarna secara lisan
2. teu kanyahoan saha nu ngarang na ( anonim )
3. ngagunakeun basa lancaran
4. eusi carita na mangrupa rekaan malah rea anu pamohalan
5. ukuranana ilaharna pondok

Unsur Dongeng nyaeta

1. Jejer ( Tema ) jejer nyaeta ide, gagasan, atanapi pokok pikiran anu ngajiwaan carita
2. Latar ( setting ) latar nyaeta patempatan, waktu, atawa suasana lumangsungna carita

3. Palaku ( Tokoh )

Palaku nyaeta naon - naon ( bisa jalma, sasatoan atawa bangsa jin) anu ngalakonkeun atawa dilakonkeun
dina carita. palaku teh di bagi deui jadi palaku antagonis, protagonis jeung sajabana

4. Galur ( alur ) galur nyaeta runtuyan kajadian dina carit anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur
5. Amanat ( Peasan ) nyaeta hal atawa perkara nu bade di tepikeun ku pangarang dina karyana

jenis - jenis dongen

1. fabel nyaeta dongeng anu nyaritakeun sasatoan nu boga paripolah jiga jelma
2. Farabel nyaeta dongen jalma biasa
3. legenda ( sasakala )

legenda nyaeta dongen nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan

4. Sage ( babad )

sage nyaeta dongeng nu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalama anu aya patalina jeung sajarah

5. Mite

mite nyaeta dongeng anu raket patalina jeung kepercayaan masyarakat kana bangsa lelembut atawa perkara - perkara anu goib

Komentar

Postingan populer dari blog ini

RESUME MATERI SAJAK

Resume Materi Kawih

Kisi - Kisi PAS Basa Sunda Kelas XI