RESUME MATERI SAJAK

Sajak 

sajak nyaeta salah sahiji hasil karua sastra wangun puisi anu imajinatif, basa nu dipake dina sajak umumna singget jeung padet tur sifat na konotatif sabab ngandung harti injeuman ( ma'na kiasan )

Wanda Sajak

1. Sajak Lirik

sajak lirik nyaeta sajak nu ngagambarkeun rasa panyajakna atawa ngebrehkeun pikiran jeung rasa pribadi panyajaknya tur sifat na leuwih subjektip.
contoh judul sajak lirik nyaeta "seuneu bandung"

2. Sajak Epik

sajak epik nyaeta sajak anu sipatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian. biasana eusina teh ngawangun carita kapahlawanan, pahlawan anu aya patalina jeung legenda, atawaa kepercayaan.
contoh judul sajak epik nyaeta "di panugaran batu curug sigay"

Paraprase Sajak

paraprase nyaeta ngebrehkeun dei hiji wangun basa kana wangun basa sejenna, kalawan teu ngarobah hartina. tujuan paraprase teh pikeun ngajelaskeun ma'na atawa harti anu nyamuni dina sajak

Deklamasi Sajak

deklamasi nyaeta kagiatan seni nu ngebrehkeun atawa ngekspreskeun hiji sajak kana paregep nu dibarengan ku gerak pasemon, jeung sajabana. jalma nu ngalakukeun deklamasi disebut deklamator
tujuan deklamasi nyaeta pikeun nepikeun buah pikiran, maksud atawa amanan nu aya dina hiji sajak sangkan ajen - inajen kaendahan katarima kunu ngaregepkeun

Ngarang Sajak

langkah nu kudu dipilampah mun rek ngarang sajak diantarana

1. nangtukeun tema

2. nangtukeun rasa atawa suasana

mun misal temana percintaan, nah tantukeun rasa na rek percintaan anu pikabungaheun atanapi pikasediheun, mun tos di tantukeun tema percintaan rasa na pikabungaheun, tantukeun suasanana rek percintaan nu pikabungaheun ku lantaran rek jadian atawa kulantaran keur kasmaran

3. Gunakeun imaji

imaji teh sarua jeung sudut pandang, sajak nu dikarang ku urang teh dumasar na tina paningalan, pangdenge atawa pangrasa

misal

dina sajak "Priangan"  karya rahmat m sas karana

mojang lenjang nu hideung santen
diaping srengenge ti enjing dugi ka sonten
upami wengi di pepende bulan ngempur

sudut pandang tinu sajak priangan teh dumasarna tina paningalan, kulantaran srengenge jeung bulan ngempur ukur tiasa di  kanyahoan upamana di tingali lain di dengekeun

4. Gunakeun Simbol atawa parlambang

simbol atawa parlambang teh jiga gaya basa jeung diksi  nu digunakeun kangge nandeskeun suasana atawa rasa anu aya dina sajak

misal

dina sajak  " Tukeuran ieu sajak " karya ysu rusyana

tukeuran ieu sajak
kusalambar simbut atawa samak sheulay
heug rungkupkeun ka barudak nu te kaburu heuay
pating golepak dina trotoar

 diksi dina sempalan di luhur nandeskeun rasa kasedih,  aya oge sempalan sajak " cadas pangeran " karya yus rusyana di handap ieu nu ngagunakeun simbol atawa perlamabang

Kekerot daendels nyabak gobang
ayem pangeran nyabak landean
kaula bari nandean

kalimah nu "kekerot daendels nyabak gobang " eta teh ngalambangkeun hiji kaayaan jalama nu keur ambek

5. Ngarakit kecap

kecap kudu dipilih sangkan endah dibacana, tiasa oge dipasihan wirama, murwakanti atanapi gaya basa

lima langkah diluhur teh kaasup oge kana unsur pangaweruh sajak nyaeta tema, suasana, imaji, simbul atawa parlambang, wirahma jeung murwakanti sarta gaya basa.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Resume Materi Kawih

Kisi - Kisi PAS Basa Sunda Kelas XI