Resume Materi Kawih

Kawih

kawih nyaeta rakitan basa anu ditulis ku para pujangga atawa seniman serta miboga birama anu ajeg. kawih disebut oge lagu - lagu nu kaasup sekar tandak boh kawih tradisional boh wanda anyar kulantaran kawih kabeungkeut ku wiletan jeung tempo atawa ketukan.

Nilik kana sejarahna, kawih di bagi jadi 3 kurun waku

1. kawih buhun ( tradisional )

kawih buhun nyaeta kawih jaman baheula anu periode na ti kurun waktu saacan jaman jeoang nepi ka        jaman jepan. nu kaasup kawih buhun nyaeta "Banjar Sinom"

2. kawih jaman jepang

Kawih jaman jepang yaeta kawih nu periode na ti mimiti jepang datang ka indonesia sekitar taun 50'an. nu kaasup kawih jaman jepang nyaeta
a. Es lilin
b. balon ngapung
c. Gehger sore
d. bandowati

3. kawih wanda anyar ( kawih kiwari )

Kawih wanda anya nyaeta kawuh nu periode na ti taun 50'an nepi ka kiwari. nu kaasup kawih wanda anyar di antarana
a. anggrek japati
b. cinta nusa
c. baju hejo
d. angin priangan
e. hujang munggaran 

Unsur rumaka kawih

1. Rasa

rasa nyaeta unsur nu ngaggambarkeun sikep nu ngawih kana pasualan nu aya dina rumpaka kawih. unggal kawih anu di regepkeun atawa di baca tangtu bakal ngebrehkeun rasa nu beda

2. Nada

Nada nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeeun atawa nu maca. umpamana sedih, nalangsa, sombong, era, hanjakal jeung sajabana

3. Amanat

Amanat nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang di tepikeun kunu ngawih atawa nu ngarangna kanu ngaregeupkeun atawa nu maca

4. Tema

Tema nyaeta hal pokok atawa galeuh anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih.

Neleuman wangun jeung gaya basa dina rumpaka kawih

kawih bisa di susun dina wangun puisi, sajak, sisindiran atawa paparikan. mun kawih di susun dina wangun paparikan berarti gaduh cangkang jeung eusi sarta boga murwakanti. murwakanti nyaeta sora tungtung padalisan anu padeukeut. unsur penting sejejna nu kudu dipikanyaho nyaeta pilikan kecap ( diksi ) diksi dalit pisan patalina jeung gaya basa. gaya basa nyaeta basa nu digunakeun ku nu ngarang sangkan bisa leuwih ngahudang imajinasi paregep atawa nu maca. gaya basa nu sok kapanggih dina rumpaka kawih  nyaeta

1. Gaya basa lalandiran ( Metaphor)

gaya basa lalandian atau babandingan nyaeta gaya basa pikeun ngagganti ( Ngaran ) ku sesebutan. kujalan nyebut hiji barang, padahal anu dimaksud mah ani sejen lantaran dianggap boga pasipatan atawa ciri - ciri anu sarua. gaya basa lalandian dibagi jadi 2 nyaeta

a. metonimia nyaeta sesebutan anu goreng
b. heronimia nyaeta sesebutan anu alus

contoh
kecap srikandi keur sesebuan ka awewe anu wanian

2. Gaya basa mijalma ( Personifikasi )

gaya basa  mijalma nyaeta gaya basa nu sok diguunakeun pikeun nyebutkeun barang anu teu nyawaan atawa sasatoan diupamakeun boga polah cara jalma

contoh
gunung siga anu milu nguyung
bulan ngintip tina sela - sela mega

3. Gaya basa Ngasor ( Litotes )

gaya basa ngasor nyaeta gaya basa nu dipake pikeun ngebrehkeun hal anu sabalikna tina kanyataan

contoh
kuring mah teu boga duit sapeser - peser acan ( padahal beunghar )

4. Gaya basa rarahulan ( Hiperbola )

gaya basa rarahulan nyaeta gaya basa anu di pake pikeun nandeskeun atawa nimbulkeun rasa nu kaleuleuwihi

contoh
amarahna ngintab - nguntab lir seuneu hurung

5. Gaya basa rautan ( Eupimisme)

gaya basa rautan nyaeta gaya basa nu dipake pikeun ngalemesan maksud sangkan teu kasar katarima na kunu maca atawa ngaregepkeun

contoh
karunya, anakna teh geuning teu ningali ( maksud na mah lolong )

Nyusun Paraprase tina rumpaka kawih

paraprase nyaeta ngebrehkeun deui wangun basa kana wangun basa sejena, kalawan teu ngarobah hartina. kagiatan nulis paraprase teu hese, nu basajan mah diantarana ku cara nambahkeun kecap - kecap akana rumpaka kawih nu di anggap mampu ngajelaskeun eusi tinu rumpaka

contoh
sempalan rumpaka kawih " malati digunung guntur"

Malati di gunung guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sesetraning rasa
jadina dina mumunggang
leuweung larangan

wangun paraprase na jadi

kacaritakeun aya wanoja, bakat ku geulis lir ibarat mekarna kembang malati, eta wanoja teh ayana di gunung guntur di garut. eta kembang teh seungitna sumelebar nepi ka jadi sungkeman ati, warna na bodas nyacas jadi sesetraning rasa. sakur nu ningali eta kembang teh jadina persis dina mumunggang gunung guntur nu teu meunang kasaba ku manusa, dan cenah mah eta teh leuweung larangan


Komentar

Postingan populer dari blog ini

RESUME MATERI SAJAK

Kisi - Kisi PAS Basa Sunda Kelas XI