TUGAS REMEDIAL KELAS XI

Assalamualaikum
kangge murid - murid kelas XI nu masih teu acan lulus ulangan tengetan aturan sareng tugas di handap ieu

ATURAN
1. Tugas di kumpulkeun paling lambat hari jumat tgl 22 september 2017 tabuh 18.00 Wib
2. Tugas di ketik dinu microsoft word tuliskeun identitas, soal na, jeung jawaban na
3. File tugas eta di kirim ka email yudo.priant@gmail.com
4. Tugas nu bapa terima langkung ti deadline moal bapa pariksa
5. Mun bade aya nu di taroskeun mangga japri ka no 085724169899

SOAL
1. Jelaskeun 4 unsur nu aya dina rumpaka kawih
2. jelaskeun 5 gaya basa nu aya dina rumpaka kawih jeung tuliskeun contoh kalimahna
3. jelaskeun sajak lirik jeung sajak epik
4. jelaskeun pengertian jeung tujuan paraprase
5. kaasup kana wanda sajak naon sempalan sajak "Grand prix" di handap ieu
  
Grand prix 
(Godi Suwarna)
Nincak gas sateker kebek 
mobil sport ngagerung mangprung rek ngudag jorelat waktu dan startna kapandeurian
Ah, tangtu kasusud tapakna, cek hate anjeun harita
jalan lempeng
jalan nanjak
pungkal pengkol kenca katuhueun jungkrang
sakiceup demi sakiceup 
tihang bulan tihang taun  dilewatan
ti saban - saban simpangan mobil deungeun milu nyemprung
di sirkuit pada  - pada teun hayang kapandeurian 
"i can't get no statisfication!"
sora kaset gemuruh nyasaak langit ngendang - ngendang dungus mangsa
gumuruh manglaksa mobil haseup knlapot ngeput jagat
nu nyakakak
nu jumerit
mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu can tembong kelemengna
"boa sapengkolan deui!"
omong anjeun sobot setir guwar giwur
"Boa di itu pengkolan!" 
cek nu sejen bari hantem silih senggol 
dina hiji mangsa
anjog anjeun jeung ni sejen meh bareng ka garis finish
persis di jero kuburan tuluy nampa piala tetengger batu!
   

hatur nuhun..
mangga di kerjakeun..
wassalamualaikum wr.wb

Komentar

Postingan populer dari blog ini

RESUME MATERI SAJAK

Resume Materi Kawih

Kisi - Kisi PAS Basa Sunda Kelas XI