RESUME MATERI PAGUNEMAN
PAGUNEMAN
paguneman nyaeta kagiatan percakapan nyarita dua arah anu silih tempas. jelma nau kalibet dina paguneman bisa duaan bisa oge leuwih ti duaan. dina paguneman aya nu jadi panyatur (nu nyarita) jeung aya nu jadi pamiarsa ( nu ngaregeupkeun ). peran eta teh bisa bulak balik silih gantian nu oening mah aya hubungan timbal balik antara panyatur jeung pamiarsa syarat terjadinya interaksi antara panyatur jeung pamiarsa nyaeta aya objek obrolan jeung omongan nu make bahasa nu dipikaharti ku duanana. nu kitu teh di sebut pola paguneman
Ragam hormat jeung Ragam loma
dinu paguneman urang sunda sok dibedakeun paguneman sareng jelma nu di hormati jeung paguneman sareng rerencanngan beda na di nu lagam na diantarana
1. Ragam hormat
ragam hormat nyaeta ragam bahasa nu dipake pikeun nunjukeun rasa hormat ka jelma nu di ajak ngobrol, biasana pake bahasa nu halus
misal
" Ki, nu ditaroskeun ku abdi mah sajarahna talaga bandung sanes sangkuriang "
2. Ragam loma
ragam loma nyaeta ragam bahasa nu dipake jang berkomunikasi dinu lingkungan pergaulan nu tos akrab tapi tetep dinu suasana anu sopan.
misal
" Ngarti ki, ngan kumaha terusna tah talaga bandung teh?"
Harti leksikal jeung harti gramatikal
1. harti leksikal
harti leksikal nyaeta harti nu sesuai dina kamus nu ajeg jeung teu patali jeung struktur katana
misal :
kecap leksikal : sapu
Harti leksikal : alat / pakaks paranti nyapu
2. harti gramatikal
harti gramatikal nyaeta harti nu berubah - ubah nu sesuai jeung konsteks/ struktur kecap na
misal
kecap gramatikal : Sasapu
harti gramatikal : mersihan make sapu
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus